Contoh wawancara bahasa sunda dengan seorang tokoh

Contoh wawancara bahasa sunda dengan seorang tokoh

 Tujuan        : Nganyahokeun yen tingkah laku budak jaman ayeuna teh kos kumaha.

Narasumber 

Ngaran        : Drs. Sihabudin

Umur          : 55 tahun

Alamat        : Kp. Bojong Kiharib Cigombong-Bogor

Profesi       : Guru Agama



Tempat jeung waktu wawancara

    Tempat          : Rumah pa sihab di bojong
    Waktu       : Dinten salasa kaping 15, Sasih Juni 2010



Tanya     :“Assalamu’alaikum?

Jawab     :“Wa’alaikum salam wr.wb. sok mangga kaleubeut!!”

Tanya     :“Muhun pak hatur nuhun”.

Jawab     :“Aya naon kitu seseeuran ka bumi bapak.?”

Tanya     :“Punten pa, migi abdi bade wawancara.Aya tugas basa sunda kumargi bapa nuju rengse,wios abdi wawancara bapa ?”

Jawab     :“Teu sawios neng? Sok pami bade tumaros mah, insya allah waler.”

Tanya     :“Abdi bade wawancara nu aya kaitana sareng tingkah laku budak jaman ayeuna. Kumargi bapa pan guru agama nya rada pas anu aya kakaitana sareng ieu topik”.

Jawab     : “Nya sok wae lah  bade wawancaramah!”

Tanya     :“Nya pak, ku abdi bade di mulai pa, nami lengkap bapa saha? Upami bapa asli mana pa? gaduh caroge baraha pa? teras gaduh putra baraha?”

Jawab     :“Nami bapa Sihabudin, bapak asli ti Cirebon, atos gaduh carogemah 1,  sareng gaduh putra 2.”

Tanya     :“Padamalen bapa salain janten guru agama janten naon pa?”

Jawab     :“Janten ustadz / guru ngaji.”

Tanya     :“langsung we nya pa kana topik anu bade di taroskeun”.

Jawab     :“Sok atuh mangga”.

Tanya     :“Kumaha pendega bapa tentang kalakuan budak jaman ayeuna?”

Jawab     :”Heunteu Leres ! Ku sabab barudak jaman ayeuna kirang peduli “kana dirina sorangan”.

Tanya     :“Faktor naon wae anu ngaruh kana tingkah laku budak jaman ayeuna?”

Jawab     :“Faktor lingkungan, Faktor lingkungan kulawargi, Faktor lingkungan sosial, Faktor lingkungan media”.

Tanya     :“Menurut bapa kamajuan teknologi ngaruh teu kana tingkah laku abrudak jaman ayeuna?”

Jawab         : “100% ngaruh pisan”.

Tanya     : “Naon sababna pa?”

Jawab     : “Kusabab heunteu ngagaduhan akhlak”.

Tanya     :“Naon wae anu kudu dilakukeun ku Ibu rama sangkan anak-anakna heunteu kapangaruhan kana pargaulan bebas ?”

Jawab     :“Ngadidik sareng nyegah ku bener-bener, Ngabina budak ku agama”.

Tanya     :“Akibat naon wae anu di timbulkeun ti kalakuan anu bebas pisan?”

Jawab     :“Loba…….. Kedul ngapalkeun tuluy kedul belajar, bahasana kirang sopan sareng dangdanan kirang sopan”.

Tanya     :“Panginten pargaulan jaman ayeuna sesuai teu sareng ajaran agama Islam?”

Jawab     :“Seueurna  heunteusaluyu sareng ajaran agama Islam.”

Tanya     :“Hal naon wae anu nunjukeun gorengna kalakuan budak ayeuna?”

Jawab     :“Kalakuan anu heunteu luyu jeung sopan santun jeung tatakrama.”

Tanya     :“Gorengna kalakuan budak ayeuna ngaindikasi keun kiamat tos deukeut ?”

Jawab     :“Jelas, leres”.

Tanya     :“Tiasa di contokeun teu pa?”

Jawab     :“Tingali we lalaki sareng awewe teh geus tibalik. Awewe nganggo anggoan lalaki kitu deui sabalikna”.

Tanya     :“Naon dampak positif ti moderenisasi?”

Jawab     :“Teu aya, iwal jalmi anu ngarti kana agama”.

Tanya     :“panginten Kumaha cara bergaul anu luyu sareng ajaran agama islam?”

Jawab     :” Kedah tiasa ngabedakeun mana anu bener jeung mana anu teu bener”.

Tanya     : “oh kitu nya pa?”

Jawab     :”Muhun saleresna kitu …”

Tanya     :”Mung sakitu wenya pa, Hatur nunuh kanggo waktos na hapunten bilih aya kalepatan”

Jawab     :”Muhun sawangsul na”

0 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...