Resensi novel, babalik pikir

Resensi novel, babalik pikir


Jejer buku        : Babalik Pikir
Panulis            : Samsoedi
Pamedal              : PT Kiblat Buku Utama
Tempat Medal        : Jl. Gumuruh No. 38, Bandung 40275
Citakan                  : Taun 1931
Kandel Buku        : 72 kaca


Novel karya Samsoedi nyaritakeun aya hiji kaluarga leutik anu lemburna di pagunungan jauh ti dayeuh boga budak ngan hiji-hijina. Si Emed di ogo ku indungna. Ari tabe’atna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, mun dititah  kacida liwarna. Karesepna ngan ulin ampleng-amplengan. Alatan pamolahna anu sok musingkeun tea , bapana cilaka malah tpi ka hanteuna. Sangegeus bapana eweuh, Si Eme anggeur bae ogoan tara nolih kaayaan, tur sagala kahayangna kudu bae kacumpunan.

          Hiji mangsa indungna kawalahan nepi ka ngusir Si Emed , tah tidinya Si Emed cicing ti imah baturana Si Jasim, bari ngabantuan ngangon meri anu Si Jasim. Lilana saminggu  Si Emed ngarasa bosen  jeung ngedul atuh Si Jasim ngarasa kesel pisan ku kalakuan Si Emed,tuluy duaan eta parea-rea omong tuntungna gelut. Si Jasim teu walakaya kapaehan kusabab sirahna ninggang kana batu curi seukeut, nepi ka boloboran getih. Ku ninggali Si Jasim , Si Emed reuwaseun  terus kabur nya tujuanna ka Dayeuh, nya kitu bae Si Emed teu boga lalampaheun. Sanggeus peuting pisan tuluy manehna ngadon ngaringkuk di jero kas , ujug-ujug aya ucing jeung anjing anu pasea asup kana kas eta, barang dibaledog anjing ngadon beunang kanu kaca toko Bongbay. Tidieu Si Emed disangka bangsat nepi ka dikerem di Gesticht Semarang, tempat ieu mangrupakeun pangajaran anu manpaat pikeun barudak jahat jadi sangeus kaluar ti Gesticht boga pangabisa misalna bae manday. Tah nya ti harita Si Emed babalik pikir hayang ngeureunan kasalahn, eling di bebeneran.
Novel “Babalik Pikir”  ieu alus pikeun bacaeun para nonoman kusabab ngandung moral, sarta basana ge pas pisan jeung basa pagunungan dipikaharti. Novel ieu oge ngandung nilai-nilai kahirupan sapopoe.Tapi palebah Si Emed kabur ti penjara nyaeta ku digulung ku samak rada teu asup akal.

Manfaat tina novel ieu nyaeta sasaha anu mawa karep soragan teu jeung bebeneran sarta doraka kanu jad indung jeung bapa, temahna sok sangsara.

0 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...